Dipirig ku Gamelan Kliningan "GANDA MEKAR" Pp.Mang Koko 1963
Mun nitenan kana rumpaka dina lagu Wajib Latih sarta disaluyukeun jeung kaayaan di nagara urang waktu lagu ieu disanggi, eces pisan dina taun taun eta mangsana partey kominis Indonesia keur jumawa boga rasa deukeut jeung panguasa nagara. Harita maranehna ngusulkeun perluna diwangun ANGKATAN KE LIMA sangkan kaum buruh jeung kaum tani milu ngangkat senjata, ngabela nagara tina rongrongan kaum kapitalis, neo kolianialis oge ka saha wae anu dianggap musuh, nu diistilahkeun kontra revolusioner cenah.
Kabinekasan Mang Koko dina nyanggi lalaguan estuning ngindung ka waktu ,mibapa ka jaman biasana naon wae kajadian nu aheng sabundereun urang ti waktu ka waktu sok remen dijadikeun lalaguan , naha eta lagu mangrupa rojongan ,pujian atawa oge kritik. Bisa dicirikeun dina rumpaka lagu ieu, nurutkeun kana pamanggih sim kuring ieu lagu mangrupa kritik kana kawijakan pamarentah oge kana usulan kaum kominis harita. Nu intina teu sapaham , jelasna mah teu nyatujuan mun kaum tani nu boga pacabakan disawah sapopoena manggul pacul , dipolitisasi kalayan kudu manggul bedil...........asa kacida..
Nuhun kang Dhede...
ridwan7858 7 months ago