KARANG SETRA - ANDRIANIE ( pop 60an ) p'dhede ciptamas.wmv
Loading...
296
views
Loading...
Uploader Comments (dedes61)
see all
All Comments (7)
-
2taun kamari nyekar per akinini an kakasih abah di sirnaraga.jl pajajaran teh,pangling,kitu loak jatayu duka dimana,da sok diajak bapa ningalian onderdil2, tukang daging kerewed ngampar di ciroyom,teu aya deui.jang dede msh di pajajaran?
abah gaduh 2 tempat di bdg ayeuna. sukaati.sukarnohatta.sareng tamansari bkt bandung.sukamiskin. mun aya rejeki keur ongkos ,december ka bdg.(sataun deui.?)
malum jadi kulipabrik we ayeuna mah, untung eta ge aya nu daek keneh narima kolot kendor gerak
Loading...
wua ha ha, jang de, muhun,si ema ukur indo,indoperancis, ari jang jemi, irwan,teu kenal teuing,pami pendak mah rupina apal,abah deui,kurang gaul luas,ari abah ,nyeta ti keur leutik ge ,teu matuh di imah kolot, sakapeung di nini,jl.waspada ,cipaganti.atawa di aki lebe di jl.jurang.cihampelas.kolot abah mah di kebonkalapa. naek sapedah we kaluhur teh,sapedah palang nu bapa,tumpakna di kower ti sisi, teu kaur sapedah bapa nganggur,belenyeng weh.ari ema incu tk domba ti tasik,kawitbumi dicigereleng
bandung1952 1 month ago
@bandung1952
Heu heuy deuh..ngaboboseh nyaggeyeng ngolong na handapeun palang,..hoyong dugi katiasa naek luhureun palang, teh..tilu kali ngalaman tijuralit bencenur mastaka.... Oh tangtos atuh ari di cipaganti atnp di jl jurang mah..sapertos jalan kacai ka karang setra atnp ka situ emuh teh...sim kuring mah di jl. pajajaran, husein sastranagara ngadumuk teh.Iraha atuh abah bade mulang atnp amengan ka lemah cai..?
dedes61 1 month ago
walakadalah...,ieu mah tempat abah ngojay jeung babaturan2, tapi tara meuli,karcis masuk, da pada moncor dina sela2 pager kawat jeung pager haur koneng atawa haur hejo(awi leutik), gujubar2, bari dikolor, corak urung kasur,boro2,gaduh sowempak(celana renang) .....heuheuy deuhhh...
bandung1952 3 months ago
@bandung1952
Haha..rupina mah sami saperjuangan kapungkur..hoyong ngojay teu nganggo karcis norobos...mung biasana sateuacan norobos sok ngadon guyang heula di saluran pembuangan nu aya lebaheun siu Emuh..supados kolor rambut baraseuh..janten henteu curiga pami nuju lungsur nurugttug ti pamoncoran...
dedes61 3 months ago
@dedes61
Jang De,.di bayangkeun ayeuna ku abah, eta asa teu asup akal, nya, atuda nu disebut mapay2
irigasi,solokan, kukucuprakan dina susukan , bari lele koneng aya nu ngaliwat, eta tujuhan, jeung sobat abah, ambuing2, aya ku endah, pangalaman teh, 3 diantara na sobat guyang, jadi jendral .hiji jadi supir angkot, hiji dagang nasi warteg,hiji arsitek, abah teu puguh gawe da ngalanglang buana wae,ayeuna we,eureun di sydney. ngabaturan si ema.
bandung1952 1 month ago
@bandung1952
Ngalaan impun bah...kukucuprakan dina solokan sagala.Ke..ke..naha abah kapungkur dimana padumukan teh..?sim kuring ngaraos asa sapangalaman..,eta dugi loslos kaSidney sagala rupi..naha tuang istri urang Ustrali.Kaleresan gaduh dulur tah di Sidney teh..nu sami keur budak mah ngadon abur aburan..Jang Jimmy, Jang Irwan, jang Zuber mah tos mu7lang deui ka dieu , cik cik manawi uninga,..
dedes61 1 month ago